Keutamaan Tarawih Mei 11, 2012
Posted by srihandayanibpic in Uncategorized.add a comment
KAUTAMAAN TARAWEH
RUGI WENGI IEU UPAMI HENTEU TARAWEH……………! ????????
(Dikutil tina hadits anu aya dina Kitab Durrotun Nasihin karya Usman Al Khaebawi)
Ku : Drs.H. Jeje Haryono
asjid Nurul Amal RW 04 Cibiru – Bandung
Sayidina Ali Karomallahu Wajhah cumarios; Dina hiji waktos Rosullullah saw ditaros ngeunaan kautamaan Shalat Taraweh di Bulan suci Ramadhan, maka gusti rasul ngandika :
- Jalmi mu’min bebas tina dosana upami taraweh wengi munggaran bersih sapertos dintenan dibabarkeuna tina kandungan ibuna.
- (Saha jalma anu taraweh) dina wengi kadua manenhna dihampura dosana katut dosa ibu ramana, upami aranjeuna mu’min.
- (Pikeun jalma nu taraweh wengi katilu)aya hijimalaikat sasauran tihandap arasy, ngawartosan yen allah ngahampura dosa anjeuna anu tos kaliwat.
- Pikeun anu taraweh wengi kaopat pahalana sami sapertos ngaos kitab Taoret, injil, jabur sareng ngaos Al Qur’an
- Jalmi nu Taraweh wengi kalima, Allah bakal masihan gabjaran sapertos ganjaran shalat da Masjidil Harom, di Masjid Madinjah sareng di Masjidil Aqsho.
- Kanggo anu Taraweh wengi kagenep Allah bakal maparin ganjaran sapertos thowap di Baitul Ma’mur, sarta batu katut taneuhna mang mentakeun hampura pikeun dirina.
- Anu Taraweh wengi katujuh, saolah-olah papendak sareng Nabi Musa as, tur ngabantu merangan Firaon sareng kaum Haman.
- Dina wengi kadalapan Allah Taala bakal masihan ganjaran sapertos anu dipasihkeun ka Nabi Ibrahim as.
- Di wengi kasalapan saolah-olah manehna tos ngalaksanakeun ibadah sapertos ibadahna Nabi muhamad saw.
- Ganjaran dina wengi kasapuluh Allah masihan rizqi kamanehna di Dunya sareng di Akheratna.
- Nu Taraweh wengi kasabelasmanehna bakal kaluar ti Dunya (maot) sapertos bayi maot kaluron.
- Nu TAraweh wengiu kadua belas, engkin dinten Qiamat manehna tembong rarayna sae sapertos bulan purnama.
- Kanggo anu Taraweh w2engi Katilu belas, engkin manehna bakal salamet tina sagala resiko.
- Pikeun nu Taraweh wengi kaopat belas, para Malaikat mere kasaksian yen manehna bener-bener ngalakonan Taraweh, maka Allah moal ngahisab di poe Qiamat.
- Pikeun nu Taraweh wengi ka lima belas para malaikat nu mawa arsy jeung korsi menta tambahan kahadean pikeun anu Taraweh.
- Keur jalma anu Taraweh wengi ka genep belas Allah nyatet manehna bebas salamet tina naraka tur bebas asup sawarga.
- Nu Taraweh wengi ka tujuh belas, manehna dibere ganjaran saseueur ganjaran para nabi.
- Pikeun nu Taraweh wengi kadalapan belas, salah saurang malaikat ngumumkeun “Hai hamba Allah sabenerna Allah geus ridho ka anjeun sarta kadua sepuh aranjeun.
- Allah ngangkat harkat darajatna di Surga Firdaus kanggo nu Taraweh wengi eta.
- Manehna dibere ganjaran saperti para suhada sareng solihin.
- Pikeun nu Taraweh wengi kadua puluh hiji,Allah pangwangunkeun hiji bumi tina cahaya di surge.
- Nu Taraweh wengi kadua puluh dua, manehna dating di poe Qiamat dina kaayaan aman tina sagala rasa sieun jeung keueung.
- Malem ka dua pluh tilu, ganjaran Allah pang damelkeun kota di Sawarga.
- Ganjaran Tarawehkadua puluh opat, dua puluh opat do’a diqobul ku Allah.
- Nu Taraweh malem kadua puluh lima, manehna bakal bebas tina siksa kubur.
- Malem kadua puluh genep, ganjaranana Allah ngangkatkeun pikeun nu taraweh ganjaran opat puluh Taun.
- Pikeun nu Taraweh wengi kadua puluh tujuh, waktos mentas jamatan Shirotol Mustaqim digampangkeun tur gancang sapertos kilat nyamer.
- Allah ngangkat sarebu darajat pikeun anu Taraweh engke di Surga.
- Pikeun anu Taraweh wengi kadua puluh salapan, Allah bakal mere ganjaran sarebu kali ibadah hiji nuditarima.
- 30. Nu Taraweh wengi katilu puluh, Allah ngadawuh “Dalahar buah-buahan di Sawarga, mandi nganggo caii salsabil, sareng ngarinum ti talaga Kautsar, (lebih…)

